Oleh: kakangyogaswara | 30 Oktober 2013

Anak anjeun Karya: Khalil Gibran

Puisi yang sangat termasyhur buah karya Kahlil Gibran, seorang pujangga asal Libanon tentang seorang anak, yang digubah ke dalam Bahasa Sunda oleh seseorang (anonym), mangga urang lenyepan:

Anak anjeun

Karya: Khalil Gibran

Anak anjeun lain anu anjeun,

Manehna seuweu kahirupan, anu sono ku kahirupan,

Manehna lahir ngaliwatan anjeun, tapi lain ti anjeun,

Jeung sanajan manehna hirup babarengan jeung anjeun,

Manehna lain milik anjeun,

Anjeun maparin kaasih, tapi lain  pamanggih,

Lantaran maranehna baris ngabogaan acining  hirup sorangan,

Anjeun meunang miara ragana, tapi omat ulah  nyengker jiwana,

Lantaran jiwa maranehna mah ancoaneun isuk,

Anu mustahil karandapan ku anjeun, sanajan ukur impian,

Anjeun meunang nyoba sangkan sarua jeung maranehna,

Tapi omat ulah hayang nyaruakeun maranehna jeung anjeun,

Lantaran hirup lain maju ka mangkukna,

Ogé henteu angger kawas kamari,

Anjeun  ngan wungkul gondéwa,  maranehna jamparing kahirupan,

Anu baris mesat ngapung ngambah jomantara,

Mapay laratan taqdir kahirupan nu di tetepkeun ku Mantena,

……………………………………………………………………………….

 

……………………………………………………………………………….

Oleh: kakangyogaswara | 30 Oktober 2013

Sajarah Kamekaran Novel Sunda

Sajarah Kamekaran Novel Sunda

 

Novel munggaran dina kasustraan sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan D.K (Daéng Kanduruan) Ardiwinata . Ieu novel teh medal dina taun 1914.

Mun dibandingkeung jeung novel dina sastra Indonesia, tétéla novel dina sastra Sunda leuwih ti heula. Buktina novel munggaran dina sastra Indonesia nyaéta Azab jeung Sangsara karangan Merari Siregar medal dina taun 1920, genep taun sapandeurieun medalna Baruang ka nu Ngarora.

Penerbit anu medalkeun novel-novel Sunda nyaeta Balé Pustaka. Salian ti Balé Pustaka masih aya sababaraha penerbit partikulir anu sok medalkeun novel-novel Sunda. Upamana wae penerbit Dahlan Bektie jeung Kusradie. Pangarang anu novel-novelna mindeng diterbitkeun ku penerbit partikulir dina taun 1930-an nyaéta Yuhana.

Para pangarang novel Sunda dina entragan taun 1920-an nepi ka taun 1940-an diantarana wae D.K. Ardiwinata, R. Memed Sastrahadiprawira. Mohamad Ambri, Margasulaksana, Sambbas, Susangka,jeung nu sejenna.

Sanggeus dina sastra Sunda aya majalah jeung surat kabar, novel-novel Sunda téh loba anu dipidangkeun mangrupa carita nyambung. Nepi ka kiwari geus ratusan novel Sunda anu terbit mangrupa buku. Diantarana waé Mantri Jero jeung Pangeran Kornel karangan R. Memed Sastrahadiprawira. Lain eta, Numbuk di Sue, Ngawadalakeun Nyawa, Budak Siluman jeung Pependeuman Nabi Sulaiman (sadura) karangan Mohamad Ambri, jeung réa-réa deui.

 

Oleh: kakangyogaswara | 28 Oktober 2013

Kudu ka Saha

Oleh: kakangyogaswara | 28 Oktober 2013

Alloh Alloh Agisna

Oleh: kakangyogaswara | 25 Oktober 2013

Kecap Bilangan

Kecap Bilangan

 

KECAP BILANGAN NU DILARAPKEUN KANA BARANG NU TANGTU
Ambekan = sadami
Awi = sabébék
Awi = saleunjeur (satangkal)
Awi = sadapur (sagunduk nu diwangun ku sababaraha tangkal)
Bako = salémpéng
Bangsal = sacangi (sasiki)
Bawang = sasihung (sasiki)
Béas = sacanggeum
Bilik = sailab (sagebing)
Boéh = sarirang (tilu iket) Cai = sakeclak
Cangkir = satangkep (cangkir katut pisinna)
Cau = sasikat
Cau = saturuy (sababaraha sikat)
Daun = saponggol (sagagang daun)
Daun = sakompét (sababaraha ponggol meunang nyuitan, tuluy dilipet)
Eurih = sajalon (meunang ngadempét ku awi pikeun hateup)
Gula kawung = sabébék (sabeulah, nurutkeun citakan batok sabeulah)
Gula kawung = sagandu (dua bébék, dua beulah)
Hayam = sajodo (bikangna jeung jagona)
Injuk = sakakab (sageblég, meunang nolokopkeun tina tangkal kawung; injuk sok dipaké tambang atawa dipaké nutupan suhunan imah)
Jahé = sarémpang
Jambé = samanggar
Japati = sajodo
Kalapa = sahulu
Kalapa = samanggar
Kaso = sadapur; saluwuk
Kertas = salambar
Konéng = sasolor

 
Manjah = sadapur; saluwuk
Munding = sarakit (dua munding)
Muncang = sadampa (dampa sesebutan kana muncang anu sikina dua, ari nu sikina tilu disebut gindi, jeung nu sikina hiji disebut gendul)
Nangka = sacamplung (sasiki)
Pakéan = sapangadeg
Papan = salambar
Paré = saranggeuy (sagagang)
Peuteuy = sapapan
Peuteuy = sahanggor (saranggeuy, sababaraha papan)
Peuteuy = saémpong (sababaraha hanggor)
Salak = samanggar
Samping = sakodi
Sangu = sapiring
Sangu = sabakul
Sawah = sakotak
Suluh = sabébék (nuduhkeun hiji – sabeulah)
Tambang/tali = sabatekan
Uyah = sahuntu (saguruntul kira-kira sagedé huntu)
Uyah = sagandu, sabata

 

Oleh: kakangyogaswara | 21 Oktober 2013

17 (Tujuh Welas) Pupuh

Pupuh téh mangrupa ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeungguru lagu. Guru wilangan nyaéta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata/vokal) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaéta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa “dang-ding-dung”-na sora vokal dina engang panungtung.

Pupuh Sunda kabéhna aya tujuh belas (17). Aya nu kaasup sekar ageung(wanda laguna rupa-rupa) nyaéta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaéta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek séwang-séwangan.

Anapon karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit maké patokan Pupuh disebutna téh Guguritan atawa Dangding. Kecap ‘gurit’ asalna tina basa Sangsakerta, ‘grath’, anu hartina nyusun karangan. Kecap ‘ngagurit’ miboga harti anu sarua jeung ‘ngadangding’, nyaéta nuduhkerun kana pagawéan ngaréka atawa nyusun karangan winangun Dangding atawa Pupuh.

1. Asmarandana

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan

 

1. Éling-éling mangka éling [8-i]
2. rumingkang di bumi alam [8-a]
3. darma wawayangan baé [8-é]
4. raga taya pangawasa [8-a]
5. lamun kasasar lampah [7-a]
6. napsu nu matak kaduhung [8-u]
7. badan anu katempuhan [8-a]

2. Balakbak

Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa lulucon.

 

1. Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
2. Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]

3. Dangdanggula

Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna kabungahan atawa kaagungan.

 

1. Méga beureum surupna geus burit [10-i]
2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
3. cikur jangkung jahé konéng [8-é]
4. naha teu palay tepung [7-u]
5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
6. ari ras cimataan [7-a]
7. gedong tengah laut [6-u]
8. ulah kapalang nya béla [8-a]
0. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
10. kacipta salamina [7-a]

4. Durma

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, paséa, gelut, atawa perang.

 

1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
2. geus dipasti ku jangji [7-i]
3. mun tacan laksana [6-a]
4. numpes musuh sarakah [7-a]
5. henteu niat seja balik [8-i]
6. najan palastra [5-a]
7. mati di médan jurit [7-i]

5. Gambuh

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna bingung, samar polah, tambuh laku.

 

1. Ngahuleng banget bingung [7-u]
2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]
3. turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
4. panon poé geus rék surup [8-u]
5. keueung sieun aya méong [8-o]

6. Gurisa

Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.

 

1. Hayang teuing geura beurang (8-a)
2. geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
3. nagih kanu boga hutang (8-a)
4. mun meunang rék meuli soang (8-a)
5. tapi najan henteu meunang (8-a)
6. teu rék buru buru mulang (8-a)
7. rék tuluy guguru nembang (8-a)
8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

7. Jurudemung

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal.

 

1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
2. ku kersaning anu Agung [8-u]
3. geus pinasti panggih [6-i]
4. jeung dua rupa perkara [8-a]
5. senang paselang jeung bingung [8-u]

8. Kinanti

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna miharep atawa prihatin.

 

1. Budak leutik bisa ngapung [8-u]
2. babaku ngapungna peuting [8-i]
3. nguriling kakalayangan [8-a]
4. néangan nu amis-amis [8-i]
5. sarupaning bungbuahan [8-a]
6. naon baé nu kapanggih [8-i]

9. Ladrang

Sapada diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun

 

1. Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
2. éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
3. sok luluncatan di cai [8-i]
4. ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]

10. Lambang

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna banyol, atawa pikaseurieun.

 

1. Nawu kubang sisi tegal [8-a]
2. nyair bogo meunang kadal [8-a]
3. atuh teu payu dijual [8-a]
4. rék didahar da teu halal [8-a]

11. Magatru

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna piwuruk, prihatin, sarta kalucuan.

 

1. Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u]
2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]
3. Cicaléngka Ujungberung [8-u]
4. Rajamandala Cimahi [8-i]
5. Lélés Limbangan Tarogong [8-0]

12. Maskumambang

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna prihatin, sasambat, atawa nalangsa.

 

1. Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
2. teu aya rasrasan [6-a]
3. kaula maké disumpit [8-i]
4. naha naon dosa kula [8-a]

13. Mijil

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.

 

1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]
2. jeung méga geus awor [6-o]
3. beuki lila beuki luhur baé [10-é]
4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
5. milari sang rayi [6-i]
6. Pangéran Bimanyu [6-u]

14. Pangkur

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna lumampah, napsu, sadia rék perang.

 

1. Seja nyaba ngalalana [8-a]
2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]
3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]
4. balik paman sadaya [7-a]
5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]
6. Lurah bégal ngawalonan [8-a]
7. Aing ngaran Jayapati [8-i]

15. Pucung

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a). Watekna piwuruk, wawaran, kaget, atawa éling.

 

1. Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
2. monyét loréng leupas [6-a]
3. luncat kana pager déngdék [8-é]
4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]

16. Sinom

Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna gumbira.

 

1. Warna-warna lauk émpang [8-a]
2. aya nu sami jeung pingping [8-i]
3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]
4. Ratna Rengganis ningali [8-i]
5. warnaning lauk cai [7-i]
6. lalawak pating suruwuk [8-u]
7. sepat patingk(ar)océpat [7-a (8-a)]
8. julung-julung ngajalingjing [8-a]
9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]

17. Wirangrong

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna kawirang, kaéraan, karugian, kaapesan.

 

1. Barudak mangka ngalarti [8-i]
2. ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
3. enggong-enggon nungtut élmu [8-u]
4. mangka getol mangka tigin [8-i]
5. pibekeleun saréréa [8-a]
6. modal bakti ka nagara [8-a]

 

Oleh: kakangyogaswara | 21 Oktober 2013

Wawangsalan

Di dalam Bahasa Sunda ada istilah yang disebut wawangsalanWawangsalan merupakan susunan kata dalam bentuk teka-teki. Wawangsalan di dalam khasanah sastra Sunda termasuk di dalam salah satu dari bentuk sisindiranWawangsalan pada umumnya terdiri dari dua larik. Larik pertama sebagai sampiran (teka-teki), dan jawaban teka teki tersebut merujuk pada larik kedua. Berikut merupakan contoh-contoh wawangsalan:

- Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing

  Wangsalna:  (korma)

- Abdi tehkapiring leutik, kaisinan ku gamparan

  Wangsalna: (pisin)

- Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing

  Wangsalna:(asu)

- Aya nu dianjing cai, aya nu diheroan

  Wangsalna : (sero)

- Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik 

  Wangsana: (akik)

- Beas ditutuan deui, iraha bisa patepung 

Wangsalna:(tipung)

- Belut sisit saba darat, kapiraray beurang peuting

Wangsalna:(oray)

- Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita 

Wangsalna: (kareta)

- Bentang baranang di imah, samar bisa tepang deui

Wangsalna: (damar)
- Beulit cinggir simpay tangan, salamina hamo lali 

Wangsalna: (ali)

- Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan kaharti 

Wangsalna:(roti)

- Bilangan Jawa nu tujuh, abdi mah somah pituin

Wangsalna: (pitu)

- Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis 

Wangsalna :(halis)

- Cakcak gede kadal bilik, ulah dipake mokaha

Wangsalna: (toké)

 

Oleh: kakangyogaswara | 18 Oktober 2013

Tangga Cinta Purwakarta Istimewa

Oleh: kakangyogaswara | 18 Oktober 2013

SAJARAH PURWAKARTA

Oleh: kakangyogaswara | 18 Oktober 2013

PURWAKARTA ISTIMEWA

Older Posts »

Kategori

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.