Oleh: kakangyogaswara | 6 Oktober 2009

SASAKALA RANCADARAH

SASAKALA RANCADARAH

Rancadarah téh ngaran hiji tempat nu kawentar di Purwakarta. Lain waé kawentar pédah ngaranna nu rada mahiwal, tapi ogé kawentar ku kasang-tukang carita nu ngalantarankeun éta tempat disebut Rancadarah.
Ari caritana kieu. Geus nepi kana ugana, cunduk waktu datang mangsa, kadaleman Wanayasa anu disesepuhan ku putra-putra Sumedang jeung Cirebon téh di antarana R. Soeriadikara ngan nepi ka taun 1820. Anu panungtungan jadi dalem nya éta Dalem Soeriadikara IV anu katelah Dalem Sumérén. Ari Wanayasa jadi kadaleman téh ti mimiti taun 1686 nepi ka 1820, jadi ngan 134 taun.
Ti mimiti taun 1821, Wanayasa jadi hiji puseur kabupatén nya éta Kabupatén Karawang anu mimiti jadi bupatina R. Aria Suriawinata katelah Dalem Santri.
Dina mangsa harita, ku alpukahna gupernemén, di Wanayasa diayakeun tanam paksa atawa cultuur stelsel. Rahayat kudu marelak kopi di unggal lahan boh di gunung boh di pakarangan bari disingsieunan ku VOC upama aya nu wani baha kana paréntah ka nu keur kumawasa. Tempat anu dipaké melak kopi, lolobana di lamping pasir jeung suku Gunung Burangrang. Perenahna beulah kidul wates Wanayasa, jeung beulah wétan lebah Curug Cilamaya, ari ka kulonna nepi ka Cirahayu.
Dina taun 1831, sanggeus Wanayasa teu jadi puseur dayeuh Kabupatén Karawang lantaran geus pindah ka Purwakarta, aya hiji kajadian huru-hara anu disebut Perang Makao. Ari perang Makao téh nya éta perang antara rahayat anu diluluguan ku urang China Makao ngabarontak ka pamaréntah.
Nurutkeun hiji katerangan, urang China Makao harita geus lila dumuk di Purwakarta persisna di wewengkon Ciseureuh ayeuna. Lantaran teu panuju kana sistim pamaréntahan anu terus meres rahayat, urang China Makao ngabarontak.
Rahayat Purwakarta anu ngarasa sanasib jeung sapamadegan yén sistim pamaréntahan nyangsarakeun ka rahayat, ngahiji babarengan jeung urang China Makao téa.

Ceuk katerangan séjénna, urang China Makao lumpat ti Batawi ka Karawang, nepi ka Cilangkap, lantaran di Batawina diudag-udag tentara kolonial. Di dinya maranéhna ngabukbak leuweung pikeun ngababakan nyieun lembur anyar. Sanggeus kitu, maranéhna ngahiji jeung karaman-karaman nu kalabur ti pangbuian Purwakarta ngayakeun huru-hara. Loba imah nu dirampog, pangeusina dipaéhan, wangunan-wangunan diduruk, nepi ka rahayat Purwakarta ngarasa rémpan ku talajak maranéhna.
Hiji mangsa, waktu aya Résidén ka Purwakarta timbul huru-hara anu kaitung rongkah. Kota Purwakarta diduruk, wangunan-wangunan pamaréntah diancurkeun. Gedong panjara diserang. Jalma-jalma tahanan dileupaskeun, anu ahirna milu ngagabung jeung kaom pemberontak pikeun ngalawan pamaréntah.
Tentara kolonial kawalahan nyanghareupan serangan ti parakaraman anu sakitu lobana. Peperangan ngalegaan. Nu ahirna pikeun numpes karaman nu ngacowkeun, pos komando di Kembangkuning nu dipingpin ku Résidén Karawang jeung Bupati Karawang ménta bantuan ka Batawi pikeun ngungkulanana. Harita kénéh VOC ngerahkeun wadyabaladna ti Karésidénan Bandung jeung Karésidénan Cianjur pikeun mantuan pasukan di Purwakarta.
Pasukan nu lobana 2000 urang, naék kuda pikeun numpes karaman nu ngacowkeun. Sanepina ka leuweung Tanjungpura tempat nyumputna karaman, mariem pasukan Walanda nu dibawa ti Wanayasa ditembakkeun. Urang China Makao nu jumlahna kurang-leuwih 800 urang kalaluar ngalawan pasukan kolonial.
Perang campuh kajadian. Urang China Makao ngalawan maké bedil jeung bedog panjang, sawaréh maké tumbak jeung pedang. Pasukan kolonial neregteg ku bedil jeung mariem. Dua pihak taya nu gimir, itu wani ieu wani, nepi ka ramé silihbedil jeung silihpaéhan.
Ti pihak pasukan Purwakarta loba nu perlaya, di antarana waé R. Sumayuda (ajudan Dalem Bandung) jeung Tuan Maklot. Pasukan kolonial nu dipingpin ku Létnan Lisola jeung pasukan Purwakarta nu dipingpin ku R. Mertamenggala jeung R.H. Muhammad Yusuf (Baing Yusuf) numpes karaman-karaman nepi ka kabur katawuran.

Kalaburna karaman nu lolobana urang China Makao ahirna nepi ka hiji léngkob deukeut Wanayasa di kebon kopi. Nya di dinya pisan perang campuh antara pasukan kolonial jeung rahayat anu diluluguan ku urang China Makao téa.
Urang China Makao nu ngabarontak teu dibéré ombér saeutik ogé, terus diteregteg ku bedil nepi ka pérén sakabéhna. Anu lumpat terus diudag, anu nyumput dikoréhan, geus puguh anu terang-terangan ngalawan mah teu meunang ampun dibedil saharita kénéh.
Kaayaan éta ranca mungguh pikaketireun. Getih ngabayabah dimana-mana. Nu palastra geus teu puguh itunganana. Nu masih hirup kénéh kukusekan ngaleupaskeun nyawa.
Aya hiji dua urang China anu salamet leupas tina kepungan di éta ranca. Anu saterusna kabur ka Wanayasa, milu nyumput di imah rahayat di dinya. Nepi ka ayeuna di Wanayasa aya ngaran jalan nu dingaranan Gang Kecil nyokot tina ngaran babah urang China Bah Kecil. Tuluy aya ngaran pintu hék nu perenahna di Kampung Cileungsing Wétan jalan ka Pasirgara China. Ari pintu hék téh tina basa China anu pihartieunana panto gerbang.
Kajadian perang campuh di ranca nu ngawates Purwakarta jeung Wanayasa téa nepi ka ayeuna nelah Rancadarah tina pangéling-éling lobana getih nu ngabayabah akibat tina peperangan.***


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Kategori

%d blogger menyukai ini: