Oleh: kakangyogaswara | 9 Agustus 2011

Ngaregepkeun Biantara

Ngaregepkeun Biantara

Standar Kompeténsi: Mampuh ngaregepkeun, maham, jeung méré tanggapan kana wacana lisan jenis biantara/hutbah, rumpaka lagu tembang, jeung anu maca carita pondok

Kompeténsi Dasar      : Ngaregepkeun Biantara

Indikator            : Bisa manggihkeun hal-hal penting dina biantara

Bisa ngarti kana amanat nu ditepikeun dina biantara

Bisa méré tanggapan kana pesen biantara ngagunakeun basa

anu sopan tur merenah

Bisa nyindekkeun jejer biantara kalawan bener

 

Ngaregepkeun téh nya éta ngadéngékeun bari ngabandungan kana jejer nu diomongkeun ku batur. Dina pangajaran ayeuna, hidep kudu ngaregepkeun eusi biantara nu bakal dibacakeun ku bapa atawa ibu guru di hareupeun kelas. Leuwih hadé upama ieu biantara di handap dibacakeun ku salah saurang babaturan hidep, nu séjénna ngaregepkeun siang daria!

Mageuhkeun Kareueus Nonoman kana Ajén Budaya Sunda

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh…

Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun sagala puji ka Dzat Illahi Robbi, sagala puja ka Alloh Azza Wazzalla, réhna dina danget ayeuna urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina kaayaan sehat wal’afiat.

Teu hilap solawat miwah salam mugia salalawasna disanggakeun ka jungjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.

Simkuring neda widi sateuacan ngadugikeun jejer biantara, nepangkeun wasta pun Gumiwang Tresnakalingga. Simkuring nangtung di dieu, sanés badé agul ku payung butut, sanés badé mintonkeun kapunjulan diri, éstu nangtungna simkuring di dieu, seja ngiring jabung tumalapung, ngadugikeun biantara dina jejer: MAGEUHKEUN KAREUEUS NONOMAN KANA AJÉN BUDAYA SUNDA.

Sakumaha nu parantos kauninga ku sadayana, dina danget ayeuna kaayaan ajén budaya Sunda parantos kalintang nyirorotna. Simkuring ningal, utamina di kalangan nonoman Sunda, kareueus kana budaya Sunda, kareueus kana budaya sorangan, geus diruksak ku paripolah nu méngpar tina tetekon kasundaan. Ku kituna, simkuring teu sapagodos upami aya pangajak anu nyebatkeun: Hayu urang mumulé basa Sunda, Hayu urang ronjatkeun ajén budaya Sunda. Ceuk simkuring, basa Sunda lain keur dimumulé tapi kudu dipaké, budaya Sunda lain kudu dironjatkeun tapi kudu dipageuhkeun sangkan panceg dina galur haté urang Sunda.

Upama dipapandékeun, budaya Sunda kiwari lir lingkungan hirup nu parantos kalintang reksakna. Tatakrama dibukbak, basa digalaksak, tata-titi duduga peryoga paburantak atuh seueur nonoman Sunda nu balangsak leungiteun jati diri kasundaanana.

Badé kumaha upami parantos kieu? Naha badé diantep waé?

Deudeuh teuing kahirupan urang Sunda. Nu sakedahna, hurip waluya pinuh ku pangjaring pangriksa, nu nyata kahirupan nonoman Sunda kiwari lir kairid ku cikiih kabawa ku cileuncang, ka luhur teu sirungan ka handap teu akaran, teu napak dina tetengger sélér bangsa nu jatnika.

Siloka kecap siliwangi, nu saéstuna silihwangikeun, silihseungitkeun jeung papada jalma, ayeuna ngan saukur hiji kecap nu kaluar tina biwir henteu nerus kana haté. Nonoman Sunda geus mangprung ngigelan budaya deungeun!

Matak ngangres puguh ogé! Ngabandungan jalma-jalma cowong patinggorowok: “Mumulé basa Sunda…, ronjatkeun budaya Sunda…., riksa atikan Sunda!” Kanyataanana? Ukur lalambé dina biwir wungkul!

Simkuring jadi inget kana kasauran pun aki jenatna, saurna, papagon kasundaan kudu nincak dina: cageur, bageur, bener, pinter, tur singer., dibarung ku temen wekel calakan lancar. Éta kecap-kecap anu sakitu linuhungna, kiwari geus arang langka kakuping, sok komo upama nyurahan eusi hartina.

Naon atuh ayeuna nu kudu dipikareueus ku generasi saentragan sim kuring?

Conto-conto geus nalembrak, teu di kampung teu di kota, nonoman Sunda alum ngungun ilang dangiang, poho ka temah wadi. Basa Sunda, seni Sunda, tatakrama Sunda, kaludeung Sunda, budi-parangi Sunda geus musna teu manggapulia salin jinis dina réngkak jeung paripolah budaya deungeun.

Kiwari, tanah Sunda-bumi Sunda-langit Sunda geus ceudeum lir ibarat sabreg-bregeun hujan, lir ibarat panonpoé rék tunggang gunung.

Niténan kaayaan ayeuna, geus waktuna nonoman Sunda nguniang hudang! Sora-sora kasundaan geus nyata, meredih pangbagéa! Panggunasika kana budaya Sunda nu tumiba ka nonoman Sunda ayeuna, lain ukur diceungceurikan! Lain ukur dipaké alesan pikeun silihsalahkeun!

Nu pangpentingna pikeun waktu ayeuna, urang singkil rempug jukung sauyunan. Tékad tur ucap nu ngagalura dina dada yén budaya diruksak sélér bangsa bakal musna kudu diwujudkeun dina hiji karya nyata.

Cindekna, paké basa Sunda, lain ukur dimumulé! Pageuhkeun budaya Sunda lain ukur dironjatkeun. Budaya nu henteu panceg pageuh upama dironjatkeun tinangtu bakal tikoséwad siga kaayaan ayeuna.

Sim kuring gedé harepan, yén kahirupan urang Sunda jeung budaya Sunda bakal teteg-panceg salila aya jalma nu maké kana éta budaya. Kahirupan hiji sélér bangsa jeung budayana lir ibarat gula jeung peueutna-lir sagara jeung lambakna, gumulung dalit ngahiji siliheuyeuban.

Hayu urang motékar dina diajar, urang rancagé dina gawé, sangkan waluya salalawasna. Pancegkeun ajén diri nu mandiri, tumuwuhkeun parangi nu linuhung, Ki Sunda medal balébat mapag sumirat nu gumawang.

Rupina, biantara ti simkuring cekap sakitu, hapunten boh bilih langkung saur bahé carék, kirang duduga kirang peryoga, aya basa nu kirang merenah neda tawakup nu kasuhun. Bobo sapanon carang sapakan; neda agung cukup lumur jembar sihapuntenna.

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Darangdan, Méi 2008

 

A. Jawab pananya ieu di handap!

1. Naon nu dimaksud kareueus kana ajén budaya Sunda téh?

________________________________________________________________________

2. Kumaha sikep nonoman Sunda kana ajén budaya Sunda mangsa kiwari?

________________________________________________________________________

3. Naha cenah basa Sunda téh lain kudu dimumulé?

________________________________________________________________________

4. Naon maksudna yén budaya Sunda lir lingkungan hirup anu geus ruksak?

________________________________________________________________________

5. Saha anu kudu pancegkeun ajén diri Ki Sunda téh?

________________________________________________________________________

6. Naon hartina yén budaya Sunda lir kairid ku cikiih kabawa ku cileuncang téh?

________________________________________________________________________

7. Kumaha cenah papagon kasundaan téh?

________________________________________________________________________

8. Naon nu pangpentingna keur nonoman Sunda mangsa kiwari?

________________________________________________________________________

9. Kumaha harepan nu biantara kana ajén budaya Sunda ka hareupna?

________________________________________________________________________

10. Naon kacindekkan hidep kana eusi biantara di luhur?

________________________________________________________________________


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Kategori

%d blogger menyukai ini: