Oleh: kakangyogaswara | 10 Oktober 2012

BANGBALUH PANGAJARAN BASA SUNDA DI PURWAKARTA

BANGBALUH PANGAJARAN BASA SUNDA
DI PURWAKARTA
Ku: A. Yogaswara, S.S., M.Pd.

Moal diangles, yén pangajaran basa Sunda dianggap pangajaran pangjejeg di sakola-sakola. Anggapan kitu téh karasa basa kuring mimiti ngajar. Ka béhdieunakeun éta anggapan beuki karasa pisan. Padahal nu boga anggapan siga kitu téh lain si itu si éta, nya kalolobaanana mah ti babaturan guru jeung ti pamaréntahan sorangan. Nu matak teu hélok, kakurangan guru basa Sunda henteu dijieun bangbaluh, da sang kepala sekolah babari pisan tinggal nunjuk guru naon waé sangkan ngajar basa Sunda pikeun ngajejegan jumlah jam ngajarna, ulah saeutik teuing. Teu kudu nanya kumaha hasilna, da ku nempo kasang tukang atikan guru lain ti basa Sunda ogé geus kasawang. Nya sabulang-béntor téa. Murid leuwih loba dititah ngeusian LKS ti batan narima pangajaran basa Sunda. Guruna sorangan raos-raos calik bari ngelepus udud di rohangan guru (harita mah tacan aya spanduk Sekolah Ini Kawasan Bébas Asap Rokok). Témpo istirahat teras sasauran: “Kumpulkan LKS-na barudak, urang paraf ku bapa,” cenah. Aya ku raos kacida!
Ti harita kuring boga pamadegan, pikeun mancegkeun ajén pangajaran basa jeung sastra Sunda kudu dimimitian ti guruna heula. Kuring teu sapuk, basa aya inohong Sunda sasauran kudu ngaronjatkeun ajén pangajaran basa jeung sastra Sunda. Kecap ngaronjatkeun asa lahuta teuing. Ceuk pamadegan kuring leuwih merenah mancegkeun heula, lantaran rék kumaha ngaronjat da kaayaan pangajaran basa jeung sastra Sundana ogé tacan panceg, da puguh disapirakeun téa.
Lobana kakurangan guru mata pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola-sakola kudu gancang diungkulan ku cara ngangkat guru basa jeung sastra Sunda nu luyu jeung kasang tukang atikanna. Tujuan kuring nembrak, pikeun mancegkeun ajén pangajaran basa jeung sastra Sunda, anu satuluyna mampuh ngaronjatkeun ajén pangajaran basa jeung sastra Sunda katut hasilna téa.
Teu kudu dicaritakeun, kumaha hasil pangajaran basa jeung sastra Sunda upama guruna lain ti kasang tukang atikan basa Sunda. Matak pantes loba anu nyapirakeun ogé, da cenah rék diajar ku guru naon waé ogé basa Sunda mah babari, padahal maranéhna nu ngomong kitu téh teu nyaho kumaha enas-enasna hasil pangajaran basa Sunda anu bener. Ana dibalikkeun omonganna ku kuring, babari ngajar Matématika mah, kuring ogé bisa, teu pira ngajar tambah, bagi, kali, jeung kurang. Naon héséna? Komo lebah tambah jeung kali mah babari pisan, da kabéh jalma ogé palinter kana tambah jeung kali mah, ngan lebah bagi jeung kurang mah hésé da lebar téa!
Tarékah ngajar guru basa Sunda téh kuduna geus lain mancegkeun deui, tapi kudu mampuh ngaronjatkeun ajén pangajaran basa jeung sastra Sunda. Guru kudu boga tékad nu panceg, yén pangajaran basa Sunda kudu leuwih onjoy tibatan pangajaran-pangajaran lianna.
Dina ngajarkeun basa Sunda, alusna mah leuwih nerapkeun aspék pangalaman basa tibatan tiori basa. Guru ulah ngahalang-halang upama aya murid nu nyaritana kasar. Alesanna, kahiji basa Sunda geus loba kapangaruhan ti deungeun, nu kadua, keun waé nyarita kasar ogé da engkéna kawajiban guru pikeun menerkeun. Nu penting mah maranéhna geus maké basa Sunda dina nyarita sapopoéna. Kitu deui dina widang sastra Sunda, guru kudu leuwih nekenkeun aspék pangalaman sastra tibatan tiori sastra.
Contona, dina Kompeténsi Dasar (KD) Nulis Sajak, guru kudu rancagé mawa murid ka luar kelas. Di dinya maranéhna bisa nempo pamandangan dumasar kanyataan. Kumaha ngalamuk paulna langit isuk-isuk, héjona tatangkalan, récétna manuk dina pucuk, jeung sora-sora alam séjénna nu mampuh ngahudang rasa pikeun nulis sajak dumasar kana ‘nu ditempo jeung nu dirasa’. Guru cukup nyarita kieu ka murid, “Barudak, poé ieu pangajaran nulis sajak, sok ayeuna hidep nulis sajak. Bébas kumaha hidep waé basana mah. Koncina mah kieu, apan jalma téh dibéré panempo jeung pangrasa, sok ayeuna paké éta panon jeung haté pikeun nulis sajak sakahayang hidep sorangan.”
Ari dina pangajaran ngarang carpon, sarua guru kudu méré cara ngantep budak ngarang bari ulin dina alam jeung pikiranna séwang-séwangan. Rupa-rupa tulisan murid téh. Aya nu nyaritakeun indungna jadi TKW di Arab Saudi, aya nu nyaritakeun ngadu langlayangan, aya nu nyaritakeun dibawa jarah ka makam, jsb.

1. Tarékah pikeun Ngaronjatkeun Pangaweruh/Kaahlian dina Widang Pangajaran
Basa Sunda
Tarékah pikeun ngaronjatkeun pangaweruh dina widang pangajaran basa jeung sastra Sunda henteu jauh tina karep diri. Nu karasa jeung nu kaalaman ku kuring pikeun ngaronjatkeun pangaweruh téh salasahijina tina maca buku. Resep maca buku téh karasa pisan gedé mangpaatna. Buku gudangna élmu, ari maca mangrupa koncina. Nu matak pikeun diri kuring sorangan jeung murid kuring, kacida ditekenkeunana kudu resep maca téh.
Medar hiji perkara ngeunaan pangajaran di kelas, asa cawérang upama henteu dijembaran ku pangaweruh séjénna nu aya patalina jeung bahan ajar nu ditepikeun.

Perkara séjénna, pikeun ngaronjatkeun pangaweruh/kaahlian dina widang pangajaran basa jeung sastra Sunda sering dipedar dina gempungan MGMP. Unggal gempungan MGMP téh alusna mah medar saniskara hal nu raket patula-patalina jeung pangabutuh guru dina widang pangajaran basa jeung sastra Sunda.
Pikeun ngungkulan bangbaluh dina pangajaran, narasumber dina gempungan MGMP ulah ngan saukur ti lingkungan sorangan.
Dina widang ngaronjatkeun karya tinulis guru basa Sunda, MGMP kedah aya gawé bareng sareng paguron luhur atawa Lembaga Penjaminan Mutu Pendidikan (LPMP), Lajuninglaku tina éta gempungan, guru-guru basa Sunda kudu diperedih motékar nyieun karya tulis boh mangrupa Penelitian Tindakan Kelas (PTK), boh karya tulis séjénna. Dina Rencana Program Sakola (RPS) geus disusun rupa-rupa program sakola pikeun mekarkeun poténsi nu nyampak di sakola.

2. Tarékah pikeun Ngaronjatkeun Kagiatan Siswa
Pikeun guru mah siswa téh ibarat sampeu. Diparud dioncoman tuluy digoréng jadi comro. Dikulub diragian jadi peuyeum. Cindekna, bahan baku téh kumaha nu molahkeunana. Ti mimiti ngajar, guru kudu boga karep sangkan basa jeung sastra Sunda henteu jadi pangajaran pangjejeg di sakola. Ku kituna tarékah téh museur kana saniskara kagiatan nu sakirana bakal gedé mangpaatna pikeun siswa jeung sakola.
Pikeun ngamalirkeun bakat siswa dina widang jurnalistik, guru kudu rancagé medalkeun majalah sakola. Majalah téh medalna kudu mayeng. Eusina rupa-rupa tulisan barudak. Aya carpon, pangalaman nyata, dongéng, sajak, karikatur, TTS, jeung tatarucingan. Murid anu tulisanna onjoy ku guru kudu dibingbing. Atuh upama aya kagiatan pasanggiri téh boh pasanggiri ngarang carpon, maca sajak, maca warta, maca dongéng, boh pasanggiri biantara, sakola geus teu kudu tatahar deui kawantu geus kacoo sapopoéna. Majalah sakola alusna mah ngamuat sakabéh tulisan murid. Guru kudu bisa “maksa” murid sangkan nulis dina basa Sunda.
Didadasaran ku éta hal, alusna mah guru kudu ngeureuyeuh ngagarap kagiatan pikeun murid dina karancagéan basa jeung sastra Sunda, hususna pikeun murid anu teu bisa jeung teu biasa nyarita basa Sunda dina kahirupan sapopoéna. Guru ulah nempo kasang tukang kulawarga murid, boh nu asalna ti Jawa, Padang, Médan, Palémbang, Bengkulu, jsb., sabab salila cicing di tanah Sunda wayahna kudu bisa basa Sunda. Aya paribasa pindah cai pindah tampian – di mana bumi dipijak di situ langit dijunjung!

Kitu deui dina lawungan anu tempatna bisa di sekretariat OSIS kudu loba murid anu ngabandungan pedaran ngeunaan kamahéran nyarita ku basa Sunda. Lebah dieu guru nerapkeun aspék pangalaman basa lain tiori basa. Nu dipedar basa Sunda dina paguneman sapopoé maranéhna. Loba omongan murid nu matak pikaseurieun, contona: “Bapa, dupi abdi téh bésok moal bisa sekolah karena mau néngok kakak yang teu damang di Jakarta.” Walon kuring: “Sabodo teuing, jig waé rék indit mah!” bari seuri ngadéngé omongan manéhna. Keun baé, saheulaanan basa Sunda maranéhna siga kitu, nu pentingna mah geus daék maké basa Sunda sanajan titatarajong kéneh ngalarapkeunana bari direumbeuy ku basa Indonésia nu sabulang-béntor téa.
Keur murid nu titatarajong nyarita Sunda, ku kuring ngahaja ‘diistiméwakeun’. Maranéhna sering diajak paguneman maké basa Sunda. Ari pananyana ngawengku nu aya disabudeureun kaayaan imah, siga: di mana imah, boga lanceuk sabarahiji, kolot digawé naon, jsb.
Sanggeus katempo aya kahayang pikeun bisa nyarita basa Sunda, mimiti kuring ngawanohkeun maranéhna kana buku bacaan Sunda. Tah, lebah ngayakeun buku bacaan Sunda, loba pisan buku Sunda téh. Tti mimiti buku nu medal baheula siga Babalik Pikir, Budak Teuneung, Si Lamsijan Kaédanan, Carita Si Dirun nepi ka buku nu medal kaayeunakeun siga Guha Karang Legok Pari, Si Sekar Panggung, Goong Siluman, Nu Ngageugeuh Legok Kiara, jsb., ditambah buku-buku Sunda séjénna nu geus leuwih ti heula nyampak aya. Atuh buku bacaan Sunda téh kudu euyeub di pabukon sakola.

3. Tarékah di Lingkungan Masarakat
Purwakarta téh bagian ti wewengkon Sunda. Basa kuring mimiti mancén gawé di Purwakarta taun 2006 milu nyaksian raména kagiatan dina raraga ngareuah-reuah hari jadi Purwakarta nu ka 185 dina bulan Juli. Harita kuring nengetan, dina paméran buku di wewengkon Situ Buleud tacan aya buku sajarah nu ngaguar Purwakarta. Ti harita jorojoy aya niat pikeun nyusun buku sajarah Purwakarta jeung sagala rupa poténsi nu aya di Purwakarta.
Lantaran kuring guru, buku téh dipiharep kaharti ku umum jeung kaharti ku murid sakola. Maksud téh henteu beurat teuing boh basana boh hargana. Atuda di urang mah harga buku téh sok jadi bangbaluh, sanajan sakumaha alus ogé ajénna ari hargana mahal mah tetep wé kurang dipiroséa. Béda pisan kana barang nu sipatna nyamu saperti baju, calana, jeung handphone, sanajan mahal tetep wé dibareuli.
Taun 2009, dina raraga milangkala Purwakarta ka 187 buku karangan Tim MGMP Basa Sunda Purwakarta medal, ku pangrojong ti penerbit CV. Nuansa Aulia Grup Yrama Widya, Bandung. Judulna Kandaga Wikara. Kandaga hartina tempat atawa wadah ari Wikara singgetan tina motto Purwakarta Wibawa Karta Raharja. Ieu buku diwengku ku 5 aspek, nya éta: (1) Nyukcruk Galur Sajarah Purwakarta, (2) Runtuyan jeung Sirsilah Parabupati Purwakarta, (3) Undak-usuk Basa Sunda, (4) Carita Rayat Purwakarta, jeung (5) Karya Sastra Urang Purwakarta nu Kungsi jadi Pinunjul di Provinsi Jawa Barat. Alhamdulillah, pangbagéa ti masarakat pendidik kalintang ageungna, malah bupati ku anjeun maparin pangjajap kana ieu buku. Jumlah kacana 198, hargana ukur Rp. 20.000/éksemplar.
Ieu buku jadi salasahiji répérénsi pikeun urang Purwakarta. Malah dina bulan Oktober 2009, ku alpukahna Kepala Bidang Diklat BKD Kabupatén Purwakarta, dina raraga Diklat Prajabatan CPNS Daerah Purwakarta, buku Kandaga Wikara jadi bacaan wajib pikeun 659 CPNS ti Purwakarta. Pikeun MGMP bungah ku hiji ku dua. Kahiji, bungah geus bisa mekelan sasieureun-sabeunyeureun ngeunaan Purwakarta ka calon pagawé negeri, nu kadua, bungah narima royalti ti penerbit anu dina waktu tilu bulan sanggeus medal, buku Kandaga Wikara geus kajual 5.400 éksemplar.

4. Tarékah di Imah.
Imah kuring téh di Perum Griya Mutiara 1 Kacamatan Purwakarta. Kangaranan di perum, loba padumukna nu asalna lain urang Sunda. Sanajan kitu, lamun paguneman jeung maranéhna, kuring maké basa Sunda, da yakin maranéhna nu geus lila cicing di Purwakarta, tangtu ngarti kana basa Sunda. Atuh hiji dua mah urang Jawa tatangga kuring sok pipilueun nyarita ku basa Sunda deui.
Mimitina mah hiji waktu aya tatangga nu nyarita ka bojo kuring, yén manéhna ngarasa éra ku kuring pédah sok nyarita basa Sunda. Omongna, “Saya malu sama Pa Yoga, guru bahasa Sunda yang mempertahankan bahasa Sunda dalam setiap perbincangan.”
Walon pun bojo, “Naha maké isin? Upami henteu tiasa bahasa Sunda mah sawios ngawalerna ku bahasa Indonésia ogé.”
“Ah, enggak, Bu. Justru saya ingin belajar bahasa Sunda sama Pa Yoga. Apalagi anak saya yang di SD kalau ada PR bahasa Sunda itu saya tidak bisa membantu, kasihan ‘kan.”
Tina laporan bojo kuring harita, asa kahudang pikiran pikeun narima murid di imah ngajar basa Sunda. Antukna kuring badami jeung bojo pikeun ngagunakeun rohangan hareup siga kelas keur murid urang Jawa nu hayang diajar basa Sunda, waktuna mah soré bada asyar. Ayeuna téh budak tatangga nu diajar basa Sunda aya lima welas urang, nu kagiliran samingguna dua kali pangajaran. Lebah ahir bulan, bojo kuring ‘katempuhan’ kudu narima amplop ti murid-murid urang Jawa téa. “Katempuhan’ nu pikabungaheun, ceuk pun bojo bari seuri. Nya lumayan keur mayar listrik mah leuwih ti cukup tina honor ngajar basa Sunda di perum téh.
Ari murid di perum téh henteu angger tapi kaluar-asup. Aya nu cukup sabulan tuluy ka luar, asup deui nu séjén. Aya ogé nu geus lima bulan ayeuna ngeureuyeuh terus diajar. Salian ti diajar nyarita ku basa Sunda, maranéhna meredih ka kuring hayang diajar nyieun carpon atawa sajak. Pikeun kuring bungah nu aya ngadéngé paménta maranéhna siga kitu téh. Atuh ayeuna mah barudak nu sarohangan téh dibagi-bagi, aya nu diajar nyarita basa Sunda, aya ogé nu diajar ngarang carpon jeung sajak.
Alhamdulillah, di sakolana boh nu SD, SMP, boh nu di SMA, kuring narima laporan ti guru basa Sundana, yén murid kuring kaitung nyongcolang dina pangajaran basa jeung sastra Sunda. Malah maranéhna cenah leuwih motékar upama aya pangajaran ngarang carpon.
Tarékah séjénna di lingkungan masarakat, kuring panceg ngagunakeun basa Sunda dina unggal gempungan. Inget kénéh basa mimiti gempungan, mun teu salah mah bulan Méi 2008, aya urang Jawa nu pépédéngkréng protés sangkan kuring maké basa Indonésia. Malah nuduh kuring teu ngahargaan bahasa persatuan; teu ngabogaan jiwa nasionalisme, cenah. Dijawab singget ku kuring: Hirup di Purwakarta, dahar-nginum sangu jeung cai Purwakarta, wayahna kudu ngajénan ka pribumi. Di mana bumi dipijak di situ langit dijunjung, pindah cai pindah tampian.
Cag! ***

Purwakarta, 5 Sept. 2011


Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Kategori

%d blogger menyukai ini: